Uar Pangajak Mieling Basa Indung Sadunya, Ayeuna sareng Saterasna

Sim kuring, Euis Siti Aisyah, salah sawios guru di SMP Negeri 1 Mande, sejak ngiring nyerat dina ieu web, ngeunaan basa anu dipikameumeut ku urang sadayana nyaeta Basa Sunda.

Sakumaha anu kauninga, Unesco, PBB parantos netepkeun kaping 21 Pébruari minangka Poé Basa Indung Sadunya (International Mother Language Day). Luyu sareng embaran unesco di taun 1999

Dina kamari dinten, sakur basa-basa daérah di sakuliah dunya dipiéling, direuah-reuah, tur digarunakeun pikeun upaya miara sareng rumawat kana basa indung. Dina leresan ieu, Basa indung urang Sunda nyaéta basa Sunda.

Moment ngareuah-reuah Poé Basa Indung Internasional dina ping 21 Pébruari 2021 supados maliré deui kana basa Sunda minangka pangrojong bahasa persatuan, basa Indonésia sareng bagian tina kabeungharan kabudayaan nasional .

Ieu uar pangajak téh sajalan ogé sareng rupaning aturan perundang-undangan nu kiwari dijalankeun di Nagara Kesatuan Républik Indonésia, di antarana baé:

a. Undang-Undang Dasar Negara Republik Indonesia Taun 1945 BAB XIII Pasal 32 ayat (2) anu nétélakeun “Negara menghormati dan memelihara bahasa daerah sebagai kekayaan budaya nasional”.

Baca Juga:  Ketika Guru Menjual Diri

b. Undang-Undang No. 24 taun 2009 ngeunaan “Bendera, Bahasa, dan Lambang Negara, serta Lagu Kebangsaan”, pasal 42 ayat (1) nétélakeun yén “Pemerintah daerah wajib mengembangkan, membina, dan melindungi bahasa dan sastra daerah agar tetap memenuhi kedudukan dan fungsinya dalam kehidupan bermasyarakat sesuai dengan perkembangan éaman dan agar tetap menjadi bagian dari kekayaan budaya Indonesia”.

c. Undang-Undang (UU) No. 5 Taun 2017 ngeunaan “Pemajuan Kebudayaan” anu merenahkeun “basa” minangka salah sahiji obyék pemajuan kebudayaan, ngawengku basa Indonésia sareng basa daérah (Pasal 5 sareng penjelasanana).

d. Peraturan Pemerintah (PP) No. 57 taun 2014 pasal 21 ogé negeskeun yén ngabina basa daérah bisa dijalankeun ku cara ngajalankeun pangajaran basa daérah di tingkat pendidikan dasar jeung menengah sarta pamaréntah wajib méré fasilitas keur éta kagiatan. Sumanget ieu PP ogé saluyu sareng jaminan dina UU No. 20 taun 2003 ngeunaan Sisdiknas anu ngawenangkeun ayana pangajaran muatan lokal.

e. Peran Kepala Daérah dina ngamumulé sareng mekarkeun basa nagara sareng basa daérah sacara husus ogé diatur dina Permendagri No. 40 taun 2007. Dina Bab II Pasal 2 hurup (b) ditétélakeun yén “Kepala Daerah bertugas melaksanakan pelestarian dan pengembangan bahasa daerah sebagai unsur kakayaan budaya dan sebagai sumber utama pembentuk kosakata bahasa Indonesia”. Sedeng dina pasal 3 hurup (c) ditétélakeun yén kepala daérah “memberikan fasilitas untuk pelestarian dan pengembangan bahasa negara dan bahasa daerah”.

Baca Juga:  Mengimbangi Siswa Milenial, Guru pun Harus Turut menjadi Guru Milenial

f. Perda No. 14 Taun 2014 ngeunaan “Perubahan atas Peraturan Daerah Provinsi Jawa Barat Nomer 5 Tahun 2003 ngeunaan “Pemeliharaan Bahasa, Sastra, dan Aksara Daerah” teges tandes ngaamanatkeun ka Pamaraéntah Daerah sangkan milu ngabina hirup-huripna basa daerah luyu jeung kawijakan nasional.

Lantaran urang mah miboga Basa Sunda Hayu Urang Piara Basa Sunda Sangkan Hirup Bari Hurip` Ulah dugikeun ka Jati Kasilih Ku Junti (palias teuing).

Cara ngagunakeun basa Sunda kacida gampangna. Gunakeun / pake Basa Sunda sapopoe dimana bae, iraha bae. Dina obrolan sapopoe, dina biantara/ pidato, dina hutbah, dina status medsos, jeung sajabana.

Mugia Basa Sunda tiasa hirup kalawan nanjung, tumuwuh sarta jembar digunakeun dina rupa-rupa kaperluan.

Rupina, sakitu uar pangajak anu kapihatur, mugi Gusti Nu Maha Suci nangtayungan

Cag!

Tinggalkan Balasan