Tangtos urang kantos nguping atanapi ngangge istilah-istilah sapertos Carancang Tihang, Pecat Sawed, Janari Leutik, Janari Gede, Sareupna jeung saterasna anu disebat jam sunda.
Malihanan jam sunda numutkeun Edi Ekadjati parantos dianggo ku urang sunda ti zaman Aki tirem Salakanagara abad ka 2 Masehi kirang langkung taun 130 M
Supados langkung jentre kalayan lengkap, sim kuring kenging referensi anu diketik ulang supados tiasa janten manfaat kangge urang sadaya khususna urang sunda.
Waktu Beurang
Jam 6, Carangcang Tihang
Jam 7, Meletek Panon Poe
Jam 8, Ngaluluh Taneuh
Jam 9, Haneut Moyan
Jam 10, Rumangsang
Jam 11, Pecat Sawed
Jam 12, Tangage
Jam 1, Lingsir
Jam 2, Kalangkang Satangtung
Jam 3, Mengok
Jam 4, Tunggang Gunung
Jam 5, Sariak layung
Waktu Peuting
Jam 6, Sareupna
Jam 7, Harieum Beungeut
Jam 8, Sareureuh Budak
Jam 9, Tumoke
Jam 10, Sareureuh Kolot
Jam 11, Indung Peuting
Jam 12, Tengah Peuting
Jam 1, Tumorek
Jam 2, Janari Leutik
Jam 3, Janari Gede
Jam 4, Kongkorongok Hayam
Jam 5, Balebat
Mugia manfaat mugia janten usaha urang sunda khususna sim kuring dina ngamumule adat budaya sunda.
Rahayu.
Kintunan Bu Loniawati
Profil Penulis

-
Seorang Pembelajar, Tak Lebih.
www.abufadli.com
Artikel Terbaru dari Penulis
Satman News24 September 2025Pohon Belimbing Legendaris di SMPN 1 Mande: Saksi Bisu Waktu dan Kenangan
Satman News9 September 2025Rame-Rame Bikin Petis di Jam Istirahat, Guru SMPN 1 Mande Punya Cara Unik Jaga Kebersamaan
Satman News14 Agustus 2025Upacara HUT Pramuka di SMPN 1 Mande bersama Camat Mande
Satman News18 Juni 2025Mie Sedaap Berbagi 240 Porsi Mie Gratis di SMPN 1 Mande Cianjur












Tinggalkan komentar
Anda harus masuk untuk berkomentar.