
Ngamumule Basa Sunda, Ulah Dugi Ka Jati Kasilih Ku Junti
Aya nu emut kana koran Giwangkara, Tabloid Galura, atanapi Majalah Mangle? Tilu media eta sadayana nganggo Basa Sunda, nu waktos nuju jaya-jayana oplahna dugi ka tiasa ngahontal ratusan rewu eksemplar.
Di sagedengeun eta, media elektronik teu acan ceuyah sapertos kiwari, nu aya nya nembe TVRI sareng radio. Dina radio, acara anu dipikaresep teu aya deui anging dongeng Sunda. Saha nu ngadongengna? Sadaya anu yuswana tos rada sepuh, jiga sim kuring, tangtos uninga ka Wa Kepoh. Tukang dongeng nu kakoncara ka janapria, ku dongengna nu judulna, “Si Rawing Jago Tutugan”.
Ku ayana media-media eta, Giwangkara, Galura, Mangle, oge dongeng-dongeng dina Basa Sunda, mangka teu helok upami Basa Sunda tetep nanjeur di kampung oge di kota.
Kumaha jaman ayeuna?
Jaman tos robih, teknologi kacida majengna, masyarakat disodorkeun mangrupi-rupi media kanggo diajar oge hiburan. Koran-koran, komo nu nganggo basa Sunda, tos kagusur ku aosan-aosan digital, nu langkung interaktif sareng gampil diaksesna. Katambih ku sikep katut paripolah masyarakat anu ngaraos langkung gengsi nganggo bahasa Malayu tibatan Basa Sunda.
Sadaya perkara eta anu salah sawiosna janten faktor Basa Sunda ngirangan nu nganggona. Sanaos teu diantep saleresna mah. Pamarentah ngalebetkeun Basa Sunda janten muatan lokal dina kurikulum sakola. Oge komunitas-komunitas nu mikacinta kana basa Sunda teras-terasan ngadamel ikhtiar kanggo ngamumule bahasa ieu.
Basa Sunda, Basa ka-32 Pangseueurna Nu Nganggo sa Alam Dunya
Upami ningal judul di luhur, tinangtos urang salaku pituin urang Sunda bakal ngaraos reueus. Sawatara warsi kapengker, Unesco netepkeun Basa Sunda janten salasawios Warisan Dunia Non Benda anu kedah dimumule. Di sagedengeun eta, numutkeun survei Unesco keneh, Basa Sunda janten Bahasa Ibu (The mother’s language) rengking ka-32 sa dunya tina rebuan basa ibu, nu pangseueurna nu nganggo.
Reueus, kedah. Namung teu cekap ngaraos reueus wungkul. Aya kawajiban anu kedah dilakonan ku urang, nyaeta ngamumule Basa Sunda. Salasawios carana, ku sering nganggo eta basa dina kahirupan sadidinten.
Saur sepuh mah, ulah dugika jati kasilih ku junti.

Sederhana semoga memberi warna, sedikit namun semoga memberi arti.
When someone writes an post he/she retains the idea of a user in his/her brain that how a user can be
aware of it. Therefore that’s why this article is outstdanding.
Thanks!