Ngamumule Basa Sunda, Ulah Dugi Ka Jati Kasilih Ku Junti
Aya nu emut kana koran Giwangkara, Tabloid Galura, atanapi Majalah Mangle? Tilu media eta sadayana nganggo Basa Sunda, nu waktos nuju jaya-jayana oplahna dugi ka tiasa ngahontal ratusan rewu eksemplar. Di sagedengeun eta, media elektronik teu acan ceuyah sapertos kiwari, nu aya nya nembe TVRI sareng radio. Dina radio, acara anu dipikaresep teu aya deui anging dongeng Sunda. Saha nu ngadongengna? Sadaya anu yuswana tos rada sepuh, jiga sim kuring, tangtos uninga ka Wa Kepoh. Tukang dongeng nu kakoncara ka ...








